Langganan:
Postingan (Atom)
Mukakeun lawang pikeun nyingraykeun lalangse hate ""Guguru ka urang baduy sakola ka kampung naga maluruh kaluhungan galuh nyalasar kajayaan pajajaran mukakeun saling siloka anu di wadahan ku mandepun di turuban boeh larang cupu manik astagina di tunda di bojong jalan di buka kunu ngaliwat kunu weruh di semuna kunu terang wicaksana dibuka pating haleuang dibuka pating daleungdang...""
NYINGRAYKEUN LALANGSE HATE
Ku.Koko Komarudin
PANGANTEUR
Yaa Alloh Gusti numaha suci, abdi nyahhareupkeun wajah abdi
Syukur Alhamdulillah buah tina soson-soson sareng ngalangkungan bantosan ti sadaya pihak, akhirna simkuring tiasa ngarengsekeun ieu karya luyu sareng waktosna, mugia janten panggeuing kangge diri Abdi supaya salawasna sadar yen hirup kawengku ku waktu kahalang ku mangsa nu nyerelek nguranngan umur jeung jatah hirup, renghap jeung kiceup hiji mangsa baris eureun. Duh……kacida pisan rugi tur hanjeluna diri mun geus ngajapapang jadi bugang. Ti sa semet ieu mah Abdi loba ngaji diri nafakuran badan sok sieun bengkung bekas nyalahan.
· Limpahan rebu nuhun laksaketi kabingahan ka Bapa Sareng Ema nu parantos ngaping ngajaring, ku jasa anjeuna Duaan abdi tiasa reugreug tur sumanget dina ngambah kahirupan najan
· Ka sibungsu Siti Rohmah mudah-mudahan nikahna berkah janten keluarga anu sakinah oge kagungan katurunan anu Sholeh-Sholehah. Kade tong poho ibadah ruku sujud nu bisa janten obat tina sagala panyakit,da moal suda ku subaha leungit ku berewit sing sabar dina nyangharepan kasusahan jeung rereged hirup, tong poho syukuran mun meunang kabagjaan jeung kacukupan. Mun aya waktu luangkeun di ajar nyiar elmu, maca Qur`an, maca buku, datang ka pangaosan deukeutan jelema soleh ngarah aya pangenyed tina kagorengan. Kade longokan kolot penta piduana jeung do`akeun Anjeuna, meureun apal kolot teh tunggul rahayu tangkal darajat, sing sabar anaking…..hidep anak ema jeung bapa. Ka Nyi Idah oge hatur nuhun pisan kana sagala rupi kasaeannana. Kanyaah sareng kadeudeuh teh moal lipur kaibunan laas kahujanan mugi runtut raut suyunan. Abdi seueur ngeunteung ngaca yen bener rizki teh moal muncul ku dilamun datang ku dibayang sugan gubrag rezeki ti langit hasil tina nagkeup tuur, moall..sagala oge butuh pangorbanan jeung usaha, butuh kesang jeung tanaga karek bisa ngasaan hasilna. Sanajan sahuap sakopeun bagja pisan mun halal
· Kum Kanggo Sadaya Wargi-wargi nu teu tiasa diwiji-wiji hatur nuhun kana sagala bantosannana oge hapunten bilih abdi seueur pisan kakirangan sareng kalepatan. Sanaos patebih tapi teu aya jarak kangge do`a-do`a. mugi urang sadayana di gampilkeun dina sagala rupi urusan. Ceuk pari basana jauh di jug-jug anggang di teang jeung dulurmah kudu silih anjangan pikeun ngaraketkeun kadeudeuh manjangkeun babarayaan sangkan silih asih dina silaturahim. Cenah lamun silih anjangan mah sok loba rezeki patumbu-tumbu “saeutik matak mahi loba matak sugema”.
· Kanggo incu-incu abah jeung ema nu aya kana 18na mugi janten anak anu Sholeh-sholehah, janten mutiara hate kanu janten ibu-rama. Teuteup anteb pinuh harepan, tigih jangji ku kayakinan naratas jalan sorangeun mugia caang
· Pamungkas ka sobat-sobat abdi jono, fariz, cecep lir purnama ninggang mangsa abdi ngantosan kasumpingannana, sanaos kiwari urang pa anggang tapi hate mah tetep pa anjang-anjang, sok lah sing sehat sareng sukses sadayana. Atuh kanggo abdi sorangan nembe kapendak yen jalan hirup abdi teh seueur pisan salahna tibatan benerna. Omeanneun!!!!
GERENTES HATE
Naratas jalan dina neuleuman sagara kahirupan tangtu boga udagan haying meunang kabagjaan lahir jeung batin, Teu aya jalma hirup nu teu boga cita-cita jeung harepan. Tapi dina ngahontalna loba pisan cucuk rungga, panghalang jeung cocoba. Mun keuna ka jelema hengker tur teu sabaran mah pasti loba putus asa ngarasula, tapi keur jelema nu teguh pengkuh leber wawanen
KEMBANG HAREPAN
Mangsa anjeun gubrag ka alam dunya, aya bulan tengah poe……
Ngahaja ieu lalakon teh di mimitian ti mangsa kuring tamat sakola SMP asa kacida lewang tur waasna mun di guar ti saingetmah lain teu narimakeun kana nasib diri bagja awak tapi sok ambon era sorangan pang-pangna mah loba pisan gorengna aneprok salah emok anekak salah sila, keun weh mangsa eta mah urang simpen sing paringpen pi eunteungeun simkuring keur ngawangun ka dewasaan anu leuwih hade, hade laku hade lampah, tata-titi duduga-peryoga.
Salam pang wanoh wasta pun ujang sunda teu karasa ayeuna mah geus leuwih 20 taun umur teh asa teu karasa pisan betah teuing hirup di dunya meureun. Kahayangmah ditambahan ngaran teh ku Dr,Ir Med atawa nu liana. Bagja pisan kuringmah lantaran masih keneh boga kolot najan geus rarempo cueut kahareup ge masih keneh belejag, najan hirup basajan kaitung loba kakurang oge teu weleh imut di pahing pisan aral subaha, estuning sabar tur sumanget nyiar rezeki sangkan dapur bisa ngebul. Dulur oge loba aya kana sapuluhna, kuring ka dalapan, jadi boga lanceuk tujuh jeung adi dua. Ceuk baturmah beunghar cenah, da enya mun dina mangsa ngumpul teh eor pisan ku incu abah anu geus leuwih ti salosin. Tapi nyeta dulur kuring nu sakitu lobana teh euweuh pisan nu jujur sakola, lain teu boga kahayang tapi ninggali kaayaan harita bisa dahar ge geus untung. Najan teu sakola luhur ge Alhamdulillah ku pidu`a jeung pangaping pangjaring tin u jadi kolot kabehannana cageur bageur, runtut raut sauyunan taya pacengkadan boh jeung dulur kitu deui jeung batur.
Gilig niat buleud tekad rengse sakola SMP teh kuringmah hayang terus sakola kajeun eureun heula keur nyiar waragadna asal tumekanan we, lain gelar nu jadi udagan lain harta nu jadi tujuan tapi kuring hayang boga pamuntangan keur nyanghareupan tarahalna kahirupan bari boga pibekeleun keur mangsa nu bakal datang, euweuh nu bisa di harepkeun ti ieu dunya anging kasalametan jaga di akherat. Komo bagja pisan mun bisa ngahormat tur bisa ngangkat darajat nu jadi kolot, da lamun teu ku anakna rek ku saha deui. Tilu bulan kuring ngambang nyeungceum cita-cita nu ampir lungse ku hariwang sieun teu kalakonan. Teu puguh cabak cicing di imah sok hayang amek teu pupuguh sok karunya ka kolot nu jadi korban.harita mah boga kahayangteh kur bisa ngalamun jeung nga hayal can ngarti kana hartina Dua jeung usaha. Harita poe jumaah taun 2000 teuing tanggal sabaraha jeung bulan naon poho deui, geus saminggu kuring pundung teu balik ka imah, atuh ngoroyot ema nyusul bari kunang iteuk, teu ambek malahan mah dumareuda ngajak kuring balik era ku batur cenah luntang lantung teu puguh, lantaran masih keneh aya ka keuheul kuring rada mugen, beuki lila sora ema beuki beurat pegat-pegat, kareret ku juru panon aya nu ngunclang herang merebey mapay pipi, sing horeng ema ceurik, teu ka ampeuh piceurikeun bari tungkul kuring ngelehan maneh balik ka imah. Isuk na kurung di bawa ka
Nyinglarkeun lalangse hate