Rabu, 02 Januari 2008

Alhamdulillah kiwari simkuring parantos ngagaduhan ling di wordpress, ka sadayana anu kersa cunduk rurumpaheun komo bari masihan piwejang na mangga sumping wae ka "pihatur.wordpress.com"di antosnya/??!!pihatur.wordpress.com

Sabtu, 29 Desember 2007

Jumat, 14 Desember 2007


aya sababaraha rupi hal anu peryogi ku urang di perhatoskeun dina balayar ngambah sagara kahirupan, najan sakumaha beungharna jalmi, bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah.angger moal bisa hirup sorangan. perlu pibatureun jang tempat pakumaha, komo deui jalmi alit sapertos simkuring, kahadiran batur jeung dulur teh kacida pisan perluna. ku ayana kitu kuring teu weleh nyiar tarekah supaya bisa tetep mageuhkeun tali silaturrahmi jeung saha bae, nu penting nu bisa mawa kana bebeneran , euweuh hartina loba harta haliah dunya mun teu akur jeung batur komo jeung dulur,

Sabtu, 08 Desember 2007

hariring di tengah peuting


tuh diditu di tutugan gunung guntur
padumukan tempat kuring niis pikir
cur cor cai kahuripan upluk aplak pasawahan
tanah endah duh sarakan pangbalikan
waas mun di sawang ti ka anggangan
lembur singkur sisi gunung
hejo lempok tutuwuhan
kasilir angin ka heman
mipir pasir angin peuting ngahiliwir
ninggal lebak pakebonan
padataran asri pang lipur manah
kaendahan mawa jauh panineungan
wanci haneut moyan di pilemburan
kentrung lisung tutunggulan
angin gunung nu ngusapan
sumerep na lelembutan

Kamis, 06 Desember 2007

HARIRING DI TENGAH PEUTING

bulan langlayangan peuting

bulan teh langlayangan peuting
nu di tatar di pulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti tatar sunda
di pulut nya balik deui kadieu
ieuh masing percaya

bedil geus di peloran
granat geus di sorenang
ieu kuring arek miang
jeung pasukan siliwangi
ka jogja hijrah taat parentah

bulan teh langlayangan tineung
nu ngoleab jeung ngapung ku angin gaib
ulang salempang mun kuring anggang
kapiraray tanah sunda
kacipta mun balik deui
nu mapag idola lembur

hate geus gilig pisan
niat geus buleud pisan
ieu kuring arek miang
jeung pasukan nu saati
kawetan muru bijil balebat

Rabu, 05 Desember 2007

nu miskin,,,..kamanakeun,....kumahakeun,....???

kangjeng prabu nuju andekak sila dina korsi gading gilang kancana, bae sila ge da harita mah keur teu ngayakeun sinewaka.para senopati kabeh keur ngalaksanakeun tugasna sewang-sewangan. nu aya ngan ukur mang lengser."lengser....! lengser...! kadieu eum...!dawuh timbalan,kaulanun...."lengser cedok nyembah,diuk sila mendeko hareupeun kanjeng prabu."sugan aya laporan anyar nun keur lumaku di ambarahayat?''Aya kaulanun",soal naon?''.."perkawis anu miskin beuki seueur nambihan,,kulan." ''bongan na atuh" bongan naon kaulanun? heueuh bobgan na rahayat teh beuki nambahan. lain kaula teh geus nitah KB?tah kitu balukarna loba teuing budak teh,gajih saeutik, anak pamajikan teu kaparaban, ngagantung maneh we balukarna!
yaktos kaulanaun, namung..." "namung naon?"sanes eta rupina waleran anu di pikahoyong ku ambarahayat mah?"naha kudu nyarita naon kaula?
kumaha carana malar nu miskin jumlahna ngirangan kulan" atuh bacacarkeun we sawareh, transmigrasikeun,sawareh iangkeun jaradi TKW beres pan?"teu garaduh kaahlian ...kaulanun". sanes tukang ngabukbak leuweung da puguh hirupna di kota,mun di damel di manca nagara paling jadi babu ayawa tukang ripuh asa teu merean simkuring mah watirr...ari ras ka diri sorangan.komo seuseueur namah kitu we jasdi andar-andar(galanangan)neba sareng ngaleuya minuhan parapatan...!
"eureunkeun etah.teu meunang jadi andar-andar,teu meunang jadi pangamen,teu meunang jadi tukang dagang asong, supaya kapokeun masarakat umum ulah ngaladenan maranehna,tibanan hukuman beurat kanu coba-coba mere maweh ka andar-andar nya!!
'"supados naon kaulanun?"
"har....lain ceuk andika tadi nu miskin jumlahna kudu di kurangan? ari nyaho moal pada mere mah tangtu andar-andar lalunta ngajauhan kota, tuh pan kota jadi lalening?jadi berseka moal sareukseuk.kitu saur kangjeng prabu...tapi teu di haminan ku lengser....tugenah meureun jawanban prabu teh teu surup jeung harepan nana.

Senin, 03 Desember 2007

curat-coret

Pagiku datang tak seindah bunga mekar

Mentari kembaki menyapa pagi,perlahan ku hela nafas. berat rasannya ku arungi hari ini,entah lah...di saat orang-orang berlomba mengawali hari dengan berbagai aktifitas aku tak tahu apa yang akan ku persembahkan untuk hari ini. melepas penat kuraih remot kontrol, k pijit tombol power dan ku saksikan berita pagi yang tak jauh dari Narkoba, banjir, longsor, tawuran, bentrokan, penjualan anak, kemacetan, unjuk rasa, hingga penyelewengan agama, terlebih korupsi sang aktor pemerintah. semuanya menjadi santapan hangat pemirsa di pagi, siang, sore dan malam hari. siapa yang salah dengan semua ini? apakah saya yang hanya bisa heh dan berkomentar tanpa memberikan solusi? atau kita dan kami semua yang sadar atau tidak telah melepas nilai-nilai yang semestinya ada dalam diri kita, dimana nilai itu? kita msih bisa tertawa riang dan berleha2 di saat masih banyak saudara kita yang tertindas, kita belum mau bersyukur dengan keadaan kita di saat seorang bayi terlahir tanpa batok kepala, jantung di luar, tak beranus, usus terurai hingga kembar siam yang memilukan, belum lagi para pejabat yang masih bisa lelap dalam mimpi berselimut kemegahan sementara masih banyak rakyat yang tergolek di trotoar, di bawah jembatan, lorong-lorong kota, atau berdesakan di tempat pengungsian, dimana nilai kemanusiaan itu, disaat masih banyak rakyat yang menangis pilu karena kelaparan, bersedih karena di gusur tanpa solusi, atau masih mengantri dengan BBM dan bahan makanan. dimana nilai itu, di saat hukum laksana pisau tumul ke atas tajam ke bawah.dimana nilai itu di saat media, majalah, VCD dan DVD porno masih di jual bebas di emper2 dengan sasaran empuk anak2 dan remaja, padahal di negara liberal sekalipun media yang berbau pornograpi hanya di jual di tempat2 tertentu dengan konsumen 18 tahun keatas itu pun harus menunjukan SIM atau KTP, kenapa indonesia seperti INI? mari kita renungkan.....