Kamis, 06 Desember 2007
HARIRING DI TENGAH PEUTING
bulan langlayangan peuting
bulan teh langlayangan peuting
nu di tatar di pulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti tatar sunda
di pulut nya balik deui kadieu
ieuh masing percaya
bedil geus di peloran
granat geus di sorenang
ieu kuring arek miang
jeung pasukan siliwangi
ka jogja hijrah taat parentah
bulan teh langlayangan tineung
nu ngoleab jeung ngapung ku angin gaib
ulang salempang mun kuring anggang
kapiraray tanah sunda
kacipta mun balik deui
nu mapag idola lembur
hate geus gilig pisan
niat geus buleud pisan
ieu kuring arek miang
jeung pasukan nu saati
kawetan muru bijil balebat
bulan teh langlayangan peuting
nu di tatar di pulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti tatar sunda
di pulut nya balik deui kadieu
ieuh masing percaya
bedil geus di peloran
granat geus di sorenang
ieu kuring arek miang
jeung pasukan siliwangi
ka jogja hijrah taat parentah
bulan teh langlayangan tineung
nu ngoleab jeung ngapung ku angin gaib
ulang salempang mun kuring anggang
kapiraray tanah sunda
kacipta mun balik deui
nu mapag idola lembur
hate geus gilig pisan
niat geus buleud pisan
ieu kuring arek miang
jeung pasukan nu saati
kawetan muru bijil balebat
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar