Sabtu, 08 Desember 2007
hariring di tengah peuting
tuh diditu di tutugan gunung guntur
padumukan tempat kuring niis pikir
cur cor cai kahuripan upluk aplak pasawahan
tanah endah duh sarakan pangbalikan
waas mun di sawang ti ka anggangan
lembur singkur sisi gunung
hejo lempok tutuwuhan
kasilir angin ka heman
mipir pasir angin peuting ngahiliwir
ninggal lebak pakebonan
padataran asri pang lipur manah
kaendahan mawa jauh panineungan
wanci haneut moyan di pilemburan
kentrung lisung tutunggulan
angin gunung nu ngusapan
sumerep na lelembutan
padumukan tempat kuring niis pikir
cur cor cai kahuripan upluk aplak pasawahan
tanah endah duh sarakan pangbalikan
waas mun di sawang ti ka anggangan
lembur singkur sisi gunung
hejo lempok tutuwuhan
kasilir angin ka heman
mipir pasir angin peuting ngahiliwir
ninggal lebak pakebonan
padataran asri pang lipur manah
kaendahan mawa jauh panineungan
wanci haneut moyan di pilemburan
kentrung lisung tutunggulan
angin gunung nu ngusapan
sumerep na lelembutan
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar